Rangkuman Bahasa Sunda Kelas 5 Semester 2
Kalimah denotatif nyaeta harti anu sabenerna atawa harti nurutkeun kamus.
Sedengkeun kalimah konotatif nyaeta harti kiasan atawa kecap anu teu langsung.
Pesen penyajak anu karasa ku nu maca sajak disebutna amanat
Pikiran pokok nu aya di sajak disebutna tema
Kekecapan nu nuduhkeun istilah geografi nyaeta ; lembur, sawah, gunung, bangawan, babakan.
· babakan: lembur anyar.
· bangawan: walungan anu kacida gedéna.
· galengan: tambakan leutik (ngagaleng manjang) ngawangun kotakan sawah.
· hilir: tempat nu dituju ku cai ngocor lantaran leuwih handap, sabalikna tina girang.
· Leuwi: babagian walungan nu rada jero tur biasana rada rubak.
· Muhara :tungtung walungan di hilir, tempat patepungna walungan jeung laut atawa walungan leutik jeung walungan gedé.
· Talaga : situ alam nu jadi ku manéh lain meunang nyieun jelema (upamana Talagawarna, Talagabodas).
· Walungan : sungai
Latihan Soal PTS 2 Bahasa Sunda Kelas 5
1. Mangsa dijajah,negara urang katalangsara.
Mangsa sarua hartina jeung...
2. Srangenge sarua artina jeung....
3. Emak tuang di tenga bumi
Tuang hartina sarua jeung....
4. Tanah darat anu dipelakan rupr-rupa pepelakan disebutna....
5. Jieun kalimah make kalimat jagjag.....
Tidak ada komentar:
Terima kasih sudah memberikan komentar